jampangtengah

Jumat, 16 September 2011

Bismillahirohmanirrohim

Assalamu’alaikum Wr.Wb.


                  Bapak, Ibu, miwah hadirin anu mulya. Dina raraga paturay tineung………………….. sim kuring kapeto ku sadayana rerencangan pikeun ngareka basa, nu diwangun ku wanda jeung kecap, etang – etang gupay pileuleuyan.
Nanging da puguh sanes ahlina, hamputen upami kadanguna teu puguh leunjeurannana, teu puguh salang surupna. Sakieu oge kenging hese beleke, kenging ngarorotek tina tutungkusan, murak pependeman, nanging keukeuh geuning henteu matut, teu payus tebih tina sampurna samalimah teu mantra - mantra acan.
Sihoreng basa Sunda teh lain bantrak – bantrakeun, ku tituna hapunten mun pedaran rada ngaraas-rada meuntas. Maksadna teu pati jelas, nu dibahas henteu tembres, rumaos teu acan tapis. Mun taringgul urang giles, basa heuras urang kuras, kurang lemes urang rendos.
Mun payus urang taretes, dipapaes malar beres supados pantes. Sugan bisa mepende hate, sugan bisa dipake panyangcang rasa, dipake pamatri pikir keur nalikung lelembutan tempat ngareureuhkeun qolbi anu tingtrim.
Hadirin anu mulya.
                    Ku lekasanana kelas ………………… nyungsi pangarti di ieu sakola, cunduk waktu datang mangsa, mangsana pisah paturay. Kukituna nya ayeuna waktosna kangge nitip kaasih, nunda kanyaah, neundeun kadeudeuh, meakeun kasono dina ieu pasamoan.
                     Sawadina ti simkuring bade sanduk – sanduk papalaku mipit amit ngala menta. Bongan aya mangsa datang tembong tarang, ayeuna tangtu cunduk waktu geusan ngantun. Ngajan keur betah ngareunah tur tumaninah, kapaksa kudu pindah incah ka sejen sakola pikeun ngudag kana cita – cita.
Ku ayana paturay tineung, hate teh bet ngadadak ngahelas, emut ka nu geus lawas marengan rasa kagagas, nimbulkeun rasa katineung anu maneuh pageuh, nyiwit ati ngoet hate teu beunang dipapalerkeun.
Hujan poyan nyungging langit, katumbiri nutug leuwih, sagala narembongan, paribasa kadeuleu langgir caina kacipta rengkak polahna dana mangsa campur gaul. Ngagaris teu daek leungit, ngagendat teu daek musna. Mun kongang mah hoyong ulah waka pisah, hoyong keneh sasarengan.
                      Ki launceuk ! bongan urang teu wasa nyingkahan mangsa, bongan teu mampuh ngukuhan waktu kapaksa urang pendak jeung kecap paturay. Sanajan seunggah nyebat wegah, kapaksa simkuring ngedalkeun wilujeung angkat, sanaos patebih ngarasa sedih, sanajan pa anggang ngarasa sungkan, lalewang loba kamelang kareueung loba katineung da puguh tos raket dalit sauyunan. Pileuleuyan jeujeur useup, kerenyed patepang deui, sapu nyere pegat simpay pamugi patepang deui.
                         Nanging papadaning kitu, patebih ngan ukur jirim paanggang ngan ukur jasad hate mah keukeuh pacaket. Sakolepat congo pedang – sakocepat baranyayna kingkilaban totonden mangsana urang paturay. Muga cita – cita ki lanceuk sadayana, laksana. Ka ala buahna tur amis legit lir kadia peueut.
                        Ki lanceuk! Aya pamundut ti adi-adi sadayana, wanci ieu angin tintrim mawa harewos ka gagas hate melas melis turaes dipucuk ati. Inget dosa anu tos lawas sanaos ukur sakilas atawa ukur saulas, komo mun dugika nyacas saperti talaga bodas, neda agung cukup lumur, neda jembar hampurana. Lir setra citalaga nu ngagenyas, nurutus tembus, naratas parat ka unggal jiwa, hampura sing imeut, sing koredas dugika dadas tong aya nu kaliwat. Hapunten lahir tumekaning batin.
                   Pamungkas catur, panutup basa. Teundeun ingkeun urang ceungceum urang tunda sarenghaping dada, rambut ka puhu papay ka akar geus dibeuweung diutahkeun, urang buru bukur catur, urang papay pileumpanganngeun bisi kalangkungan – saur, bisi kacampelak kecap.
Teundeun geusan pieunteungeun, tunda geusan, piayakeun cangcang dina tulang – tulang cupu hulu laku, dina padaringan manah.
Wassalamu’alaikum Wr.Wb.


                                                                                                              Jampangtengah, 01 Juni 2011
(Al Fukahna )                                                                                         Dipasiup





Irwan Ruswandi                                                                                       Ki Memed Tyakra Gumelar